Jasaview.id

Dongeng Jurig Tanjakan Cihampalung

Dongeng Jurig Tanjakan Cihampalung

Dongeng Jurig Tanjakan Cihampalung - Tanjakan Cihampalung geus kawentar ku balarea hiji tanjakan anu pikakeueungeun. Pantes kitu tea mah sabab eta tanjakan teh hiji lelewek anu jauh ka lembur tur caraneom ku tatangkalan baradag jeung awi anu ngaroyom moekan jalan. Loba jalma anu ngalaman panggih jeung riwa atawa dedemit anu pikasieuneun di eta tanjakan.

Basa mang Ocid mulang iyang kai ti kota, kabeneran harita malem jumaah kaliwon ditambah hujan ngaririncik, liwat jam dua belas peuting. Keur jongjon motorna ngaberung nanjak, dina awi anu ngaroyom ka jalan aya mahluk hideung jangkung badag keur gugulayunan. Tangkal awi melenong ka jalan, eta dedemit tuluy ngahalangan motor ngajega di tengah jalan. Mang Ocid reuwaseun bari tuluy ngeureunkeun motorna ,maksud rek mulang deui ka lebak, motorna dikuirkeun satakerna, tapi bareng geus nyanghareup ka lebak eta mahiuk hideung geus nyampak di behlebak. Mang Ocid kapiuhan sapada harita ngagoler di tengah jalan.

Ti wangkíd harita guyur aya jelema kapiuhan di tengah jalan sabab dipegat jurig hideung jangkung badag. Biasana anu kitu mah ti sabangsa jin atawa setan anu nyicingan tangkal badag tur jangkung. Sakur jalma anu rek ngaliwat peuting ka eta tanjakan lamun mulang ti Tasik, atawa pudunan lamun ti Cineam sok gimir ku carita jurig jangkung badag tur hideung ngahalangan jalan. Kabehdieunakeun dedemit hideung jangkung badag langka nembongan, ngan angger we di eta tanjakan sok aya ririwa sarupaning sirah jelema ngagorolong di jalan, aya oge awewe tengah tuwuh megat mobil atawa motor, anu maksudna arek milu.
Ayeuna digegerkeun ku jurig anu sok maehan mesin motor. Kacaritakeun hiji jajaka mulang ti Tasik tengah peuting, bari sorangan. Palebah pisan arek netek nanjak motor ujug-ujug paeh, eta jajaka rungah-ringeuh teu puguh anu dicabak ngomean motorna. Barang breh kabeh lebak katempo aya imah agreng mani caang ku listrik, eta jajaka nyampeurkeun maksud rek barang injeum susuganan aya obeng atawa gegep jang ngomekeun kabilator motor. Ti jero imah aya awewe geulis nyampeurkeun bari ngasongkeun obeng, tuluy eta jajaka muterkeun baud anu aya dina kabilator. Dadak sakala motor hirup, bakat kuatoh eta jajaka poho mulangkeun obeng, blur wae indit teu balik ka nu boga imah. 

Isukna jajaka uprak-oprek motorna, rek mastikeun anu peuting diomekeun. Jok motor dibuka, maksud rek mawa obeng anu peuting meunang nginjeum dipake muterkeun baud. Aneh bin ajaib obeng euweuh dikieuna, anu aya bet sendok paragi dahar, padahal yakin manehna peuting narima obeng ti hiji awewe geulis anu kaluar ti jero imah gedong. Kaheran teu kapapanjangan, tuluy we ngahirupan motorna, mesin hirup lancar euweuh anu pikaroweneun. Maksud poe eta rek mulangkeun obeng, sabab obengna oge eweuh. 

Antukna beja nyebar kabalarea etanjakan aya awewe geulis mere obeng. Cenah ceuk beja saminggu ka tukang dina tanjakan eta aya kacilakaan antar mobil jeung motor, anu mawa motor hijì wanoja geulis tepi ka tiwasna, Dina palebah pisan kajadian tabrakan aya imah butut anu hampir rugrug, peutingna mah katempo ku jajaka salin rupa jadi gedong sigrong tur caraang ku listrik. 

Ki dukun heraneun, sabab ramalanana mencog jeung kanyataan. Sanggeus liwat opat puluh poe aya beja, angger aya jalma anu dipegat ku eta wanoja. Sabada disilidik sihoreng mang Jaka motorna mogok palebah pisan imah, pamajikanana diturunkeun heula sabab rek dihirupan bari digorolongkeun ka lebak. Sabot pamajikana keur ngadagoan ti lebak aya motor ngabius tarik pisan, ku si ibi di pegat sabab disangka mang Jaka. (Ki Lahong/Atikandisdik)***

Post a Comment

0 Comments
* Please Don't Spam Here. All the Comments are Reviewed by Admin.
Jasaview.id