Jasaview.id

Sunda: Sasakala Batu Sangkuriang

Sunda: Sasakala Batu Sangkuriang

Sasakala Batu Sangkuriang - Di Leuweung Jahim Desa Cibeureum Kacamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis, aya batu baradag paranjang numpuk di sisi jalan panjegna di Leuweung Jahim, tapel wates anttara Ciamis-Majalengka. Cenah eta tumpukan batu anu sok didareugdeug ku anu ngaliwat kadinya teh disebutna batu Sangkuriang. Teu jauh ti eta tempat di tebeh luhur aya deui batu baruleud, cenah paragi leleson para raja baheula.

Asa mani teu nyambung, antara batu Sangkuriang jeung batu patilasan para raja, anu teu pajauh tempatna teh. Naha kitu aya patula talina antara raja raja baheula jeung Sangkuriang anu mangkuk di Gunung Tangkubanparahu Bandung? Sedengkeun di lelewek tatar Ciamis jeung Majalengka aya anu ngaranna Raja Talagamanggung, Raja Galuh, jeung raja raja kabehdieunakeun. Pantes lamun heg eta batu paniisan sok diparake lelson para raja baheula.

Tah ari Sangkuriang timana jolna bet ujug-ujug ngalanto ka lelewek leuweung Jahim? Asa tacan kabejakeun Sangkuriang ulin ka para raja Sunda baheula di tatar Ciamis atawa Majalengka. Naha kungsi nganjang bari mamanggul batu? Atawa para ponggawana sina marawa batu baradag sina diteundeun di leuweung Jahim.
Sanggeus Ma Encur kolot urang dinyana ngeceskeun rada kaharti oge laun eta batu diaranan batu Sangkuriang teh. Cenah eta tumpukan batu anu sagede-gede awak munding bari paranjang teh, lain meunang ngangkutan Sangkuriang anu ngahaja datang ka Leuweung Jahim. Eta batu teh meunang nalapung Sangkuriang ti Gunung Tangkubanparahu, basa katresna ditolak ku emana Dayang Sumbi.

Apan pada aruninga lalakon Sangkuriang, eta pamuda anu gagah digjaya teh baheula kungsi bogoheun ka Dayang Sumbi anu ngageugeuh Gunung Tangkubanparahu tea. Asa teu cedo Sangkuriang ujug ujug bogoh ka Dayang Sumbi, padahal eta teh indung teges anu ngalahirkeun manehna.Tapi Sangkuriang teu narimakeun kana kaayaan, da geulis kawanti-wanti tea Dayang Sumbi teh, tetep we maksa hayang ngawin indungna.

Geus dipapagahan ku sasaha angger teu narimakeun, malah ngancam ka indungna lamun heg teu daek dikawin ku Sangkuriang. Tapi angger we nu ngaranna indung embung anakna boga kalakuan anu teu eucreug kawas batur teh. Teu cedo maenya anak ngawin indung. Sangkuriang kalah beuki wera, naon wae barang anu aya diruksak.

Balas ku teu bisa nahan amarah balukar Dayang Sumbi embung dikawin ku anakna, antukna Sangkuriang ngamuk sakarat kadal. Batu anu aya di Gunung Tangkubanparahu ditalapungan hiber kamana mendi. Tah eta tumpukan batu di Leuweung Jahim teh batu meunang nalapung Sangkuriang basa keur ngamuk tea.(Atikandisdik)***

Post a Comment

0 Comments
* Please Don't Spam Here. All the Comments are Reviewed by Admin.
Jasaview.id